Visi & Misi

Tujuan Damas

  1. Ngangkat Harkat Darajat Kisunda Pikeun Kajembaran Indonesia
  2. Kahontalna Masyarakat Gemah Ripah Répéh Rapih nu dipirido ku Gusti nu Maha Suci
  3. Nanjeurna Kapribadian Sunda pikeun jengléngna Kapribadian Indonesia
  4. Jembar kabudayaan sunda dina wangunan kabudayaan Indonesia

Usaha Damas

  1. Miara ajén anu jembarkana luhungna kapribadian Indonesia
  2. Nalungtik, Ngaraksa, Ngariksa jeung mekarkeun kabudayaan Sunda
  3. Nyegah asupna pangaruh kabudayaan deungeun anu pasalia jeung kapribadian sunda hususna, kapribadian Indonesia umumna
  4. Milu ulubiung ngahangkeurkeun pangwangunan dina sagala widang kahirupan lahir batin.
  5. Milu niténan kaayaan jeung kamekaran masarakat sabundeureunana, pikeun ngahudang sarta nguatkeun rasa tanggung jawab ka masyarakat anu jembar kalawan make dasar anu sehat
  6. Nyiapkeun anggota pikeun mibanda tanggung jawab anu jembar pikeun ngudag tujuan paguyuban
  7. Digawé babarengan jeung paguyuban-paguyuban mahasiswa jeung lembaga masyarakat